PEPELING KOLOT
Assalmu’alaikum Wr.Wb
Wilujeung weyah kieu ka baraya
Sunda nu dimana wae ayana. Urang salaku urang Sunda anu cinta kana budaya Sunda
kedah terang pribahasa sesepuh urang kapungkur.
Nu dimana didieu sim kuring bade saalit ngahatur
keun Pribahasa Kolot Baheula.
“Mun
Teu Ku Urang Ku Saha Deui Mun Teu Ayeuna Iraha Deui” Leress KITU
!!!!!!!!!
·
Hirup mah
singkat, Sasingkat-singkatna Adzan ka Komat, Urang lahir di Adzannan Urang Maot
di di Komatan.
·
Ulah
nyumput keun nu aya da geus puguh nu di sumput keun ge bakal di aya keun.
·
Yakin kanu
ngajadikeun pasrah kana takdir numaha kaawasa , yakin kahadean pasti datang
salagi urang hade kanu nyiptakeun.
·
Melak hade
jadi hade melak goring jadi goring.
·
Hade
goreng ku bahasa alus bahasa ku nada, Nada nu merenah ayana dina hate nuhade,
Hate nuhade ngajadikeun jelama hade.
·
Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya
samemeh perang, indit kamedan jerit ulah dengki, lumampah ka medan dadalaga
ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub.
·
Ari
nungaran hukum anu adil teh, teu ninian , teu akian, teu indungan, teu bapaan,
teu sobat-sobat acan.
·
Sasanget-sangetna
leuweung, moal lewih sanget tibatan sungut.
·
Taat
sumebah kanu janteun rama, sumujud tumut kanu janteun ibu.
·
Jelema mah
beda jeung anjing di jarian, dimana paeh ngansaukur bilatungan, tapi ari jalama
sajaban bilatungan bakal anggih jeung balitungan.
·
Kudu mampu
tungkul kana jukut ulah tanggah kasadapan,sing awas kana tincakan.
·
Amit kanu
mangku lembur, kanu nyungsi kudu sepi, nukeur genah tumaninah.
·
Jelema mah
tungkul tumpuk kalalaput, tanggah tempat kalalepatan, samenit agnti sajam
robah, sore janji isuk teu di pake.
·
Hariring
lain nukuring, haleuang lain nu urang, hariring kagungan numaha wening,haleuang
kagungan numaha wenang.
·
Geulis
kawanti-wanti endah kabina-bina.
·
Bru di
juru Bro dipanto.
·
Hirup mah
kudu silih jaga supaya timbul rasa katenan dina diri, jaga diri, jaga dulur,
jaga batur.
·
Dunia teh
lir ibarat kalangkang, lamun ku urang diudag, kalangkang bakal ngajauhan tapi
lamun kalangkang eta di tukangan eta kalangkang bakal nuturkeun.
26 November 2015
JULASNOV
Komentar
Posting Komentar