Syair Tentang Kehidupan Nabi Dan Silsilah Nabi Muhammad SAW
Syair dalam bahasa sunda ini bercerita tentang kehidupan Rasulullah saw. Dulu suka didendangkan oleh kita semua ketika sekola di "Sakola Agama". ===================== NABI URANG SAREREA 1 Nabi urang saréréa, Kangjeng Nabi anu mulya, Muhammad jenenganana, Arab Kurés nya bangsana. 2 Ibuna Siti Aminah, ramana Syaid Abdullah, dibabarkeunna di Mekah, wengi Isnén taun Gajah. 3 Robiul awal bulanna, tanggal kadua belasna, April bulan maséhina, tanggal kadua-puluhna. 4 Ari bilangan taunna, lima ratus cariosna, tujuh puluh panambihna, sareng sahiji punjulna. 5 Siti Aminah misaur, waktos babarna kacatur, ningal cahaya mani ngempur, di bumina hurung mancur. 6 Parangina Kangjeng Nabi, jatnika pinuh ku puji pinter tur gedé kawani, sabar nyaah ka sasami. 7 Keur opat taun yuswana, diberesihan manahna, nabi dibeulah dadana, malaikat nu meulahna. 8 Jibril kadua réncangna, Mikail jenenganana, ngeusikeun kana mana...